Bobodoran Sunda, Kabogoh Nusarua
Masih di tempat biasa nu jadi markasna udin iman jeung ewin, nya bener teu salah deui pos ronda tina awi nu aya ngagantung kohkol hiji. Ieu tempat mangrupa imahna ajang jelema nu 3 ieu.
Udin : win urang teh nya euy asa geus kudu mikiran rumah tangga ayeuna urang jeung si iman geus 19th maneh angot geus 20th.
Ewin : heeh euy piraku we ieu awak jeung beungeut mubazir teu di turunkeun ka budak mah. Lah da ari maneh mah bengeut saayana teu kudu mikiran rumah tangga moal aya nu daekeun.
Udin : ajig aing serius ngomong sia mah sok di hereuykeun wae. Serius aing mah serius emang sia payu ka awewe salila aing hirup jeung sia can pernah nempo mamawa awewe. Kasep timana horeng
Ewin : aing ge serius euy, urang mah sobat maneh euy karunya kamaneh bisi karunghal, da aing apal moal aya nu daekeun ka sia jadi aing tara mawa awewe ka hareupen sia dina mawana ge meren ku sia di sing sieunan atawa awewe aing sieunen ku sia, mangkaning awewe aing mah sieunen jurig
Udin : goblog sia mah nyaruakeun aing jeung jurig lamun aing jurig sia ge sarua jurig da balad aing.
Ewin : lain ath urang mah pawang jurig lain jurig
Udin : geus mulai sia mah da ka aing teh kawas ka musuh hayoh we pikasebeleun rasana teh payu ka awewe lah ajig hoax ngomong we ka aing jomblo kituh sia teh pan aing bisa pang neangankeun domba jang sia
Ewin : naon jig neangan domba sagala rek mayor gara-gara jomblo bareungan. Sorry euy aing mah payu beneran
Udin : lain mayor goblog eta domba sina di kawin ku sia, perihning awewe aweuh nu resepen domba mah moal rewel gera.
Ewin : goblog siah.. lamun aing ka domba sia oge ku aing pang neangankeun domba jalu
Udin : naha domba jalu goblog
Ewin : kan siamah resep ka domba jalu
Udin : ngahina siah kieu kieu ge normal aing teh piraku resep ka domba jalu. Nya nu bikang atuh
Ewin : jadi sia resep ka domba bikang?, normal cenah emang resep ka domba normal? Gelo sia mah
Udin : kan sia ngomongna rek pang neangankeun domba jalu, nya piraku aing resep ka jalu.
Ewin : hahahahhahh heeh ku aing pang neangankeun domba bikang ke kawin ku sia
Udun : aeh si ajig naha siga aing nu nitah pang neangankeun domba bikang ka sia?
Ewin : heeh da sia mah gebloh. Hayang kawin ka domba
Udin : anying lain kitu maksudna lain harti na aing hayang kawin ka domba goblog.
Dina waktu pasea udin jeung ewin si iman datang bari seri nempo kalakuan udin jeung ewin. Siga nu atoh nempo nu pasea teh, rek teu atoh kumaha da paseana ewin jeung udin mah pasti pikaseurieun.
Iman : tah ieu resepna urang ulin didieu teh loba pikaseurieun angot nempa saria hahahah
Udin : ajig geura man si ewin rek ngawinkeun aing jeung domba
Iman : nya ari sia na daek mah nya sok we urang mah ngadoakeun nu terbaik jang babaturan
Udin : goblog saruana sia mah.
Ewin : heeh atuh da keur ngomongkeun kabogoh ujug-ujug kana domba si udin mah nya ku aing teh atuh di balikeun
Udin : lah sia emang sia boga kabogoh sok sebutkeun saha ngarana lamun enya mah.
Ewin : nya boga ath lestari ngarana
Udin : lestari mana emang aya ngaran lestari lah sia hoax
Ewin : aya atuh "lestari alamku lestari desaku dimana tuhanku melahirkan aku"
Udin : nya cek aing ge sia mah hoax aing ath ngaran kabogoh aing mah Ika tah jelas
Ewin : ika mana goblog
Udib : bhineka tunggal Ika jhahaahaha aing ge bisa
Iman : aing ge boga isti ngarana
Udin : isti naon
Iman : istilah
Ewin + udin bareng nakol sirah iman bari ngomong "telucu sia mah geus we repeh"
Iman : tuh saria mah ka aing teh pake kekerasan wae
Ewin : heeh da sia mah teu lucu, geleuh ngadengena ge
Iman : aslina emang saria teu boga kabogoh?
Udin : boga lah man piraku we urang kieu terus, bieu mah pedah ngomong jeng jelema satres hese waras
Ewin : mun aing satres sia guruna. Heeh man aing ge boga. Urang cisalak kampung dukuh
Udin : anjir geuning sarua, eta belah mana imahna kabogoh sia?
Ewin : sisi jalan hareupen warung haji iwan
Iman : gigireunna masjid al hidayah?
Ewin : ajig sarua kabogoh urang ge
Udin : imah na cet hejo
Ewin : heeh
Iman : bener
Ewin : kela naha ieu teh mani sarua kieu, sok ulin ka imahna poe naon ari maraneh?
Udin : urang malam senen
Iman : urang malam rebo
Ewin : pantesan ath tara panggih urang malam sabtu. Tapi kela ieu imahna eta sarua?
Udin : heeh
Iman : bener, kela urang teu ngeunah rasa.. sebutkeun ngaran awewena babareungan bisi sarua 1 2 3 hayati
Udin : rahmi
Ewin : enur, alhamdulillah beda euy. Tapi da piraku di imah eta budak awewe kur hiji-hijina
Udin : heeh sarua kabogoh urang ge
Iman : sebutkeun ciri-cirina make tiung,
Udin : jangkung leutik
Ewin : bodas
Iman : jir sarua, pasti aya karangan. Urang sebutkeun karangna dina naon babareungan 1 2 3 irung
Udin : irung
Ewin : irung
Iman : ajig sarua. Urang bobogohan jeung awewe nu sarua
Ewin : kela can percaya tempo dina poto WA na kabogoh aing poto WA na pake, sebutkeun babareungan 1 2 3 ucing koneng
Udin : ucing koneng
Iman : ucing koneng
Udin : ajig sarua, coba coba nempo no na sarua teu
Terus nu tiluan patempo-tempo no hp kabogohna. Geus narempo no hp kabogna udin ewin iman diuk ngajajar bari lungse aweuh gairah hirup.
Udin : ieu kumaha naha nasib urang teh kieu bet kudu sarua deuih
Ewin : heeh ajig teh bet jeung saria deuih lamun jeung batur mah aing teh puguh meren sainganna
Iman : sarua aing ge te nyangka piraku saingan jeng nu kirieu patut
Udin : terus urang kudu kumaha? Rek di antep wae?
Ewin : geus we urang putuskeun ku babarengan tuman lah awewe kitu mah
Udin : heeh saruju. Kumaha maneh man?
Iman : heeh ku aing di telepon ayeuna. Assalamualaikum hayati?
Hayati : waalaikum salam a, aya naon a
Iman : aya naon aya naon we ah neng bohong ka aa nya ngaran neng lain hayati
Hayati : neng teu ngabohong a, nami neng Rahmi nur hayati
Iman : neng tega ka aa neng kabogohna sanes aa hungkul punten neng teu nampi alasan pokokna ti mimiti ayeuna urang putus
Hayati : alhamdulillah nuhun a
Iman : ajig di tutup
Udin : wanian maneh euy kumaha cenah
Iman : goblog geus di putuskeun teh kalah alhamdulillah jeung nuhun deuih
Ewin : aingeun tuman langsung ku aing putuskeun " assalamualaikum rahmi nurhayati"
Hayati : waalaikum salam a ewin
Ewin : a ewin a ewin ah a teu nampi alasan pokokna ti dinten ayeuna urang putus
Hayati : alhamdulillah nuhun pisan a
Ewin : eh eh eh di tutup sarua nyebut alhmdulillah jeung nuhun
Iman : maneheun din
Ewin : heeh paling ge atoheun hahahahah
Udin : ajig teh "assalamualaikum neng?
Hayati : waalaikum salam a udin, kumaha damang?
Udin : alhamdulillah neng sae, kumaha neng damang?
Hayati : alhamdulillah a sae oge, iraha atuh aa bade ameng ka neng deui?
Ewin : langsung din ulah basa-basi
Iman : heeh din bisi lewih nyeri hate
Udin : sigana a moal ameng deui ka bumi neng salamina ti mimiti ayeuna mah
Hayati : naha a kunaon?
Udib : nya kitu we neng tos dugi kadieu hubungan teh (udin nutup tlp)
Ewin : kela naha ka maneh mah teu nyebut alhamdulillah
Iman : heeh nya piraku si hayati resepen ka si udin
Ewin : ah moal mungkin man piraku
Iman : heeh
Udin : jir kumaha ieu hayati nelpon deui?
Ewin : geus din antep we ulah di angkat
Iman : ka urang mah aweuh nelpon, kamaneh aya win?
Ewin : sarua aweuh ka urang ge
Udin : urang kumaha ieu si neng nelponan wae? Tuh ngaWA deuih "a naha ujug-ujug kitu naon lepat neng?" Urang kudu kumaha?
Ewin : antep we din
Geus rada lila aya mobil eureun di hareupen pos satpam terus kaluar awewe make tiung geulis aya karangan dina irungna nya eta rahmi nurhayati.
Hayati : a udin kadieu
Udin : aya naon neng?
Hayati : hayu asup kana mobil
Tuluy hayati jeung udin asup kana mobil maju ninggalkeun iman jeung ewin nu ngahuleng bengong.
Tamat